KARINDING
'''Karinding''' mangrupa salah sahiji alat musik tiup [[kasenian
Sunda|tradisional Sunda]]. Aya
sababaraha wewengkon nu dipikawanoh minangka wewengkon nu ngahasilkeun
karinding, nyaeta:
Cimanggung [SUMEDANG],Citamiang, Pasirmukti, Cinéam, [Tasikmalaya], Lewo
Malangbong,[Garut],jeung Cikalongkulon [Cianjur] nu nyieun karinding tina
palapah [[kawung]] (enau).
Di wewengkon Limbangan jeung Cililin mah, karinding teh dijieunna tina
[[awi]], ieu nandaan taun
dijieunna, jeung nu makena ge para wanoja [istri], hal ieu katiten tina
wangunna nu jiga cucuk gelung
nu gampil ditancebkeun dina gelung para wanoja [rambut]. karinding tina
kawung lolobana dipake ku
lalaki, wangunna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako.
Cara
Nabeuhna :
Karinding disimpen dina biwir, terus
tepak bagian paneunggeulna ngarah kacipta résonansi sora. Karindng biasana
ditabeuh sacara solo atawa grup (2 nepi ka 5 Urang). Hiji diantarana disebut
juru kawih anu ngatur ritem.
Di wewengkon [[Ciawi, Tasikmalaya|Ciawi]],
baheulana karinding diulinkeun jeung takokak (pakakas musik bentukna kawas
daun).
Karinding teh alat
pikeun ngusir hama di [[sawah]]. Sora anu dihasilkeun tina ke leterna [[jarum]]
karinding kaitung sora nu handap ''[[low decible]]''. Sorana dihasilkeun tina
ditabeuha gagang karinding jeung tungtung curuk nu ditepak-tepakkeun. Eta sora
nu kaluar teh ngan kadenge ku sabangsa sasatoan insekta, kayaning wereng,
simeut, jangkrik, atawa oge ku manuk, jeung sajabana. Kiwari eta sora teh
disebutna ultrasonik. Salian ti ngusir hama, mangpaat karinding oge pikeun
ngabeberah maneh, sangkan betah waktu jaga sawah atawa huma. Sangkan jadi wirahma, carana karinding
ditabeuhna ku cara ditiup ku baham. Kiwari, nabeuh karinding diinovasi
dibarungan ku pakakas musik sejenna.
Bedana nabeuh
karinding jeung alat musik jenis 'mouth harp' sejenna nyaèta lebah tepakan. Ari
nu sejenna mah ditoèl. Nya ku cara ditepak loba kapanggih wirahma anu
beda-beda. Ketukan tina [[waditra]] karinding disebutna [[Rahel]], nyaèta keur
ngabedakeun saha anu kudu nepak tiheula jeung satuluyna. Nu tiheula makè rahèl
kahiji, anu kadua makè rahèl kadua, jeung saterusna. Euyeubna sora nu
dihasilkeun ku karinding nimbulkeun rupa-rupa sora, antarana bae sora
[[kendang]], [[goong]], [[saron]] [[bonang]] atawa [[bass]], [[rhytm]],
[[melodi]] jeung sajabana. Malah ku karinding urang bisa nyieun [[lagu]]
sorangan, sabab cara nepakna anu beda jeung sora tina baham nu bisa
divariasikeun bisa ngagampangkeun urang ngahasilkeun sora nu warna-warni. Cék
kolot, baheula mah ngalagu teh bisa ku karinding, upama urang geus maher
ngulinkeun sora karinding, bakal manggihan atawa ngahasilkeun sora pikeun
nyarita, tapi sora anu kaluarna sada sora [[roge bot]]ik.
